Powered By Blogger

Rabu, 09 Februari 2011

sajak sunda ''iseng''

CINTA DUA HATE
 
tilu bulan sasarengan jeung anjeun
ngaraos hate ngeunah tumaninah
suka, perih jeung sedih...    
karaos endah karasana





tapi ayeuna abdi lara
naha aya hate nu baheula
cicing keneh di jero dada
teu lipur najan geus lila

dina biwir abdi seuri
tapi... hate abdi ngajerit
duh.. gusti nu maha suci
kunaon ieu hate abdi

hoyong abdi hilap ka manehna
pikeun ngabina cinta nu ayeuna
tapi abdi teu bisa
meureun ieu nu namina cinta dua hate...                                                                      

2 komentar:

  1. Ulah cangcaya ulah salempang
    Sing yakin bakal aya nu datang
    ngareuahkeun kabunngah ati
    sangkan ulah lanca linci

    tina ati sanubari
    urang milari rhidona Illahi
    sangkan jaya kasih suci
    nu pati bakal ngajati
    Nepi ka pati,,,, NGAN CINTANA ILLAHI

    BalasHapus